jelaskan perbedaan antara khutbah, ceramah, dakwah, biantara atawa pidato
B. Daerah
JustinBeiber1
Pertanyaan
jelaskan perbedaan antara khutbah, ceramah, dakwah, biantara atawa pidato
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Biantara
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Umpama ditilik sacara umum, khutbah, ceramah, dakwah jeung biantara atawa pidato teh sarua, nyaeta sarua-sarua mangrupa kagiatan nepikeun kedalan atawa caritaan di hareupeun jalma rea sacara merenah jeung rapih. Tapi umpama ditilik sacara khusus, khutbaj, ceramah, dakwah jeung biantara teh aya bedana. Di handap ieu dijentrekeun bedana khutbah, ceramah, dakwah jeung biantara :
1. Khutbah nyaeta nepikeun kedalan anu eusina ngeunaan ajaran anu aya dina agama Islam, nyaeta dina raraga ningkatkeun kaimanan jeung katakwaan ka Allah SWT. Ceramah nyaeta nepikeun kedalan anu eusina bisa ngeunaan pasualan naon wae. Dakwah nyaeta nepikeun kedalan anu eusina ngeunaan ajaran anu aya dina agama Islam, nyaeta dina raraga ningkatkeun kaimanan jeung katakwaan ka Allah SWT. Biantara nyaeta nepikeun kedalan anu eusina bisa ngeunaan pasualan naon wae.
2. Khutbah biasa ditepikeun di tempat saperti masjid atawa lapangan, dina waktu saperti sholat Jum'at, sholat Iedul Fitri atawa Iedul Adha. Ceramah bisa ditepikeun dimana wae jeung iraha wae. Dakwah bisa ditepikeun dimana wae jeung iraha wae, anu penting tempatna merenah jeung saluyu jeung ajaran agama Islam. Biantara bisa ditepikeun dimana wae jeung iraha wae.
3. Dina hutbah aya bagian anu disebut khutbah kahiji jeung hutbah kadua. Dina ceramah henteu aya anu disebut ceramah kahiji jeung ceramah kadua saperti dina khutbah. Dina dakwah henteu aya anu disebut dakwah kahiji jeung dakwah kadua saperti dina khutbah. Dina biantara oge henteu aya anu disebut biantara kahiji jeung biantara kadua saperti dina khutbah.
4. Sumber anu dicutat pikeun nepikeun hutbah biasana nyaeta tina kitab suci Al Qur'an atawa hadits. Sumber anu dicutat pikeun nepikeun ceramah nyaeta bisa ti mana wae. Sumber anu dicutat pikeun nepikeun dakwah umumna nyaeta tina kitab suci Al Qur'an atawa hadits. Sumber anu dicutat pikeun nepikeun biantara nyaeta bisa ti mana wae.
5. Hutbah mah salawasna mangrupa nepikeun kedalan dina suasana resmi. Ceramah bisa aya dua suasana, nyaeta aya ceramah resmi jeung ceramah anu teu resmi. Dakwah mah umumna dina suasana resmi. Biantara bisa aya dua suasana, nyaeta aya biantara resmi jeung biantara anu teu resmi.
6. Komunikasi dina khutbah ngan saukur saarah (monologis). Komunikasi dina ceramah bisa aya tanya jawab (dialogis). Komunikasi dina dakwah biasana ngan saukur saarah (monologis). Komunikasi dina biantara, utamana dina biantara teu resmi, bisa aya tanya jawab (dialogis).
Sanajan khutbah, ceramah, dakwah jeung biantara teh aya bedana, tapi dina nepikeun khutbah, ceramah jeung dakwah bisa digunakeun cara, teknik atawa panduan dina nepikeun biantara. Saperti dina biantara aya panduan anu bisa digunakeun, nyaeta panduan nu disebut TAMAN.
Sacara singget bisa disebutkeun yen dina nepikeun hiji biantara perlu dilarapkeun TAMAN, nyaeta :
a. Tatag dina nyaritana, nyaeta yen dina nyarita henteu karagok atawa ngarandeg dina nyaritana.
b. Aktual dina temana, nyaeta ulah nepikeun biantara nu temana geus basi.
c. Munel dina eusina, nyaeta eusi biantara teh kudu loba mangpaatna atawa loba pulungeunana.
d. Alus dina basana, nyaeta saperti dina nepikeun biantara teh ngagunakeun mamanis basa.
e. Ngandung wirahma, nyaeta dina nyarita kudu diatur gancang launna, tarik alonna, sarta luhur handapna atawa nu sok disebut lentong.
Salian ti ngalarapkeun panduan TAMAN, dina nepikeun biantara aya oge panduan lianna, nyaeta yen dina nepikeun biantara teh kudu merhatikeun pilihan kecap anau merenah, penjiwaan dina waktu nyarita, bentesna sora atawa lafal, lihur handapna sora atawa lentong, sarta pasemon nu merenah nu saluyu jeung eusi biantara.