B. Daerah

Pertanyaan

Kandaga kecap
-batok=
-caang=
-Disorong=
Mumbul=
-Muru=
-Ngalalana=
-Nyelang=
-Tingarugil=
-Basisir=
-Tumput=

1 Jawaban

  • Kandaga kecap nyaeta kumpulan sawatara atawa sakabeh kecap anu dipikaharti ku jalma dina hij basa. Kandaga kecap sok disebut oge kabeungharan kecap atawa kajembaran kecap. Dina basa Indonesia kandaga kecap sok disebut oge perbendaharaan kata, anu dina basa Inggris disebut vocabulary.

    Pembahasan

    Di handap ieu nyaeta kandaga kecap, sawatara kecap, anu aya dina basa Sunda jeung hartina :

    1. batok hartina nyaeta kulit kalapa anu teuas

    2. caang hartina sarua jeung "terang" umpama dina basa Indonesia mah. Caang oge bisa hartina jeung beresih.  

    3. disorong hartina sarua jeung didorong.  

    4. mumbul hartina sarua jeung mucunghul, saperti mucunghul tina jero cai.  

    5. muru hartina sarua jeung moro, tapi hartina oge leuwih deukeut ka ngudag.

    6. ngalalana hartina sarua jeung apruk-aprukan.  

    7. nyelang hartina sarua jeung nyempatkeun diri.

    8. tingarugil hartina sarua jeung tingpucunghul atawa muncul.  

    9. basisir hartina sarua jeung pesisir.  

    10. tumpur hartina sarua jeung paeh kabeh atawa musnah.

    Pelajari lebih lanjut

    Harti sawatara kecap dina basa Sunda :

    1. https://brainly.co.id/tugas/7223356

    2. https://brainly.co.id/tugas/4883639

    3. https://brainly.co.id/tugas/722163

    Detil Jawaban

    Kelas : IV

    Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan

    Bab : 8

    Kode : 4.13.1

    Kata Kunci : Kandaga kecap. kabeungharan kecap, kajembaran kecap

Pertanyaan Lainnya