pek jentreukeun anu disebut kawih?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kawih nyaeta lalaguan Sunda anu miboga unsur musik jeung sastra. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Kawih, kakawihan jeung tembang teh mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.
Aturan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah jumlah engang nu aya dina unggal padalisan. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan. Jadi, kawih jeung kakawihan mah henteu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu.
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih Kelas : VIII (2 SMP) Kata Kunci : Kawih, kakawihan, tembang, guru wilangan, guru lagu